Sony Xperia M - Ikhtisar setelan

background image

Ikhtisar setelan

Teangan terang setelan dina alat Anjeun jadi Anjeun bisa nyaluyukeun setelan eta sasuai

ka nu Anjeun hoyongkeun.

Wi-Fi

Hurungkeun atawa pareumkeun Wi-Fi®, seken jaringan Wi-Fi® nu

sadia, atawa tambah jaringan Wi-Fi®.

Bluetooth

Hurungkeun atawa pareumkeun Bluetooth™, teang alat

Bluetooth™ nu sadia, tur jieun alat Anjeun jadi katingal atawa

heunteu katingal ka alat Bluetooth™ sejenna.

Pamakean data

Hurungkeun atawa pareumkeun patalimarga data seluler, tur lacak

wincik pamakean data Anjeun dina waktu nu spesifik.

Lainna...

Hurungkeun atawa pareumkeun modeu Pesawat, konpigurasi

setelan kanggo jaringan VPN sareng seluler, tur aktipkeun alat

Anjeun pikeun ngabagikeun sambungan data selulerna jadi hotspot

Wi-Fi® portabel, atawa tina nga-tether USB atawa nga-tether

Bluetooth™. Anjeun tiasa oge ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun

pungsi NFC.

Setelan nelepon

Atur jeung konpigurasikeun setelan kanggo nomer telepon

maneuh, surat sora sareng telepon Internet.

Sora

Konpigurasikeun kumaha alat Anjeun disada, ngageter, atawa

ngabejaan Anjeun sawaktos Anjeun nampa komunikasi. Anjeun

oge bisa make setelan ieu pikeun nyetel tingkat polumeu kanggo

musik, video, kaulinan atawa media audio sejenna, jeung pikeun

nyieun pangaluyuan nu berhubungan.

Layar

Aktipkeun layar pikeun pindah arah sawaktos Anjeun muterkeun

alat Anjeun. Anjeun oge tiasa nyetel kacaangan, ukuran font,

wallpaper sareng beak waktu layar.

Panyimpenan

Pariksa ruang nu sadia dina panyimpenan internal alat Anjeun

sareng dina kartu SD. Anjeun oge bisa mupus kartu SD, atawa

leupaskeun kartu eta kanggo panyabutan nu aman.

Pangaturan daya Aktipkeun atawa nonaktipkeun modeu STAMINA. Anjeun tiasa oge

nempo status batre Anjeun tur tingal kumaha aplikasi nu beda-

beda make daya batre eta.

Aplikasi

Atur aplikasi nu keur dipake, aplikasi nu diundeur sareng aplikasi di

kartu SD.

Xperia™

Akses kisaran setelan nu dijieun ka alat Xperia Anjeun, contona,

modeu sambungan USB, Internet, duplikasi layar, sareng setelan

Throw.

Ladenan lokasi

Aktipkeun atawa nonaktipkeun akses ka inpo lokasi Anjeun.

Kaamanan

Jagi alat Anjeun ku cara nyetel konci sareng kecap akses nu beda-

beda. Anjeun oge tiasa ngidinan pamasangan aplikasi nu sanes ti

Google Play™.

Basa & input

Pilih basa alat, saluyukeun opsi input tur konpigurasikeun setelan

ucapan.

Cadangan &

reset

Jieun cadangan data Anjeun tur reset alat Anjeun.

Pituduh setelan

Meunangkeun pitulung kanggo nyetel alat Anjeun.

116

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Tambahkeun

akun

Tambah hiji akun ka alat Anjeun, contona, akun surelek atawa akun

Google™.

Tanggal & waktos Setel waktos sareng kaping, atawa pilih nilei jaringan-nu

disadiakeun. Pilih pormat kaping sareng jam nu Anjeun pikaresep.

Aksesibilitas

Aktipkeun ladenan aksesibilitas Anjeun pasang tur saluyukeun

setelan nu berhubungan.

Opsi

pangembang

Setel opsi kanggo pengembangan aplikasi. Contona, Anjeun tiasa

nembongkeun pamakean CPU dina layar Utama atawa atur alat

Anjeun pikeun nuliskeun modeu debug basa sambungan USB keur

aktip.

Ihwal telepon

Tempo inpo tentang alat Anjeun, sapertos nomer model sareng

kakuatan sinyal. Anjeun oge bisa ngamutahirkeun software Anjeun

pikeun meunangkeun software panganyarna.